WAWANCARA

TEORI WAWANCARA
Wawancara nyaeta hiji kagiatan komunikasi anu geus ilaharna lumangsung di masyarakat. Ngan teu kabeh masyarakat sok ngahajakeun saban waktu ngawawancara. Wawancaranah biasana di lakukeun ku wartawan atawa sajabana.

Wawancara mah ka asup kagiatan nyarita dua arah, aya nanya jeung aya ngajawab. Samemeh ngalakukeun wawancara urang perlu tatahar heula sabaraha hal anu dianggap perlu disadiakeun. Kalimah tanya anu disusun ku urang ulah panjang teuing, mun bisa mah parondok jeung togmol ( langsung ) kana sasaran.
Diantarana saperti kieu :
-         Keur kaperluan naon ?
-         Naon wae nu ditanyakeunana ?
-         Saha anu rek ditanya ?
-         Kamana kudu nepunganana ?
-         Iraha waktuna ?

Kalimah tanya jadi bahn pikeun urang dina waktu geus twpung jeung narasumber. Narasumber jalma nu baris dipenta kateranganana, oge bisa rupa-rupa gumantung kana kaperluan pananya. Upama perlu informasi ngenaan kasenian, pendidikan, olah raga, kitu wae satuluyna.

DAPTAR PATANYAAN

Ø Dupi nami ibu saha ?
Ø Yuswa ibu sabaraha taun?
Ø Ngajabat janten naon di puskesmah ieu ?
Ø Tos sabaraha tahun janten parawat ?
Ø Ti taun sabaraha di angakat janten pegawai ?
Ø Visi misi ibu naon wae ?
Ø Salain di puskesmas ieu, ibu dinas dimana deui ?
Ø Tugas janten parawat teh naon wae ?
Ø Kabanggaan janten parawat teh naon ?
Ø Seusah senengna janten parawat teh naon ?
Ø Pangalaman naon wae nu di alaman ku ibu salama janten parawat?
Ø Naon wae kendala anu pernah di alaman ku ibu salami janten parawat ?
Ø Pami dinas kaluar, bisana dimana wae ?
Ø Kira-kira pasien anu dongkap dina sadinten aya sabaraha ?
Ø Panyakit naon wae anu sering di alaman ku pasien ?
Ø Panyakit parah naon anu sering di alaman ku pasien ?
Ø Kumaha lamun pasien anu teu gaduh biaya ?
Ø Naon wae kiat-kiat pamarentah kanggo ningkatkeun kasehatan masyarakat ?
Ø Kumaha kiat-kiatna sangkan urang jauh tina panyakit ?

HASIL WAWANCARA
Siswa                   : Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Narasumber          : Wa’alaikum salam
Siswa                   : Punten bu tiasa nyungkeun waktosna sakedap, abdi sareng rerencangan gaduh pancen ti guru Basa Sunda kanggo ngawawancara. Manawi ibu kersa di wawancara ?
Narasumber         : muhun magga neng
Siswa                  : punten pami jenengan ibu teh saha ?
Narasumber         : Ibu Wiwi
Siswa                   : dupi yuswa ibu sabaraha  ?
Narasumber         : 43 tahun
siswa                    : ibu ngajabat janten naon di puskesmah teh ?
Narasumber          : janten parawat
siswa                    :Tos sabaraha tahun janten parawat ?
Narasumber         : ibu janten parawat ti taun 1990 janten kirang leuwih tos 20 taun ibu  janten parawat teh
siswa                    : ti taun sabaraha ibu di angkat janten perawat di RS teh?
Narasumber           : SK mah taun 1989 ngalaksanakeu tugas taun 1990
siswa                    : Visi misi ibu naon wae ?
Narasumber         : Saleresna mah panggilan hate we neng,ibu hoyong nulungan  sasami jalmi anu meryogikeun tanaga ibu di bidang kasehatan
siswa                    : Salain di puskesmas ieu, ibu dinas dimana deui ?
Narasumber           : Di puskesmas ieu sareng ngarangkap di puskesmas keliling
siswa                    : Bu,dupi Tugas janten parawat teh naon wae ?
Narasumber         : nya tugas utama na mah ngarawat pasien anu ngagaduhan      panyawat parah,biasana pasien rawat inap, mere penyuluhan ka pasien jsb.
siswa                    : Kabanggaan janten parawat teh naon ?
Narasumber         : ibu bangga janten parawat teh,lantaran tiasa nulungan papada      jalmi
siswa                    : susah seneng na janten paerawat teh naon?
Narasumber         : seneng na mh ibu tiasa nulungan papada jalmi,tiasa ngaleungitkeun panyawat. susah namah lamun dina ngarawat pasien,sering aya pasien anu protes. jadi parawat mah tong sieun ku getih, ulah bauan, kedah tahan banting.
siswa                    : pangalaman naon wae anu kantos ku ibu salami janteun perawat ?
Narasumber         : pangalaman mah seeur nyaeta, sering latihan progam kasehatan contona, pemberantasan penyakit, imunisasi, KB, teurus sering keliling kota.
siswa                    : lamun dinas kaluar biasana dinas kamana wae?
Narasumber           : ka cianjur, kaluar daerah contona ka padalarang
siswa                    : naon wae kendala janteun perawat teh?
Narasumber         : kendalana nyaeta, ibu gaduh elmu tapi fasilitas ti pamarentah na terbatas,teu can ka cukupan
siswa                    : kira-kira pasien anu dongkap dina sadinten aya sabaraha?
Narasumber         : tina sadinten aya kira-kira 150 orang, eta teh ka asup paseien  rawat inap, pasien umum, jamkesmas sareng gakinda
siswa                    : panyawat naon wae nu sering di alman ku pasien?
Narasumber         : panyawat nu seseuernamah muntaber, tifus, BDB, infeksi saluran pernapasan
siswa                    : panyawat parah naon anu pernah di alaman ku pasien?
Narasumber          : panyawat parah mah panyawat jantung sareng muntaber
siswa                    : Bu, kumaha pami aya pasien anu teu gaduh biaya?
Narasumber         : da tos aya jamkesmas ti pusat, terus aya deui gakinda, dana na aya ti pamarentah kabupaten, janteun mayarna gratis asal nyandak KTP sareng kartu kaluarga
siswa                    : naon wae kiat-kiat pamarentah kangge ningkatkeun kasehatan masyarakat?
Narasumber         : kiat-kiat na nyaeta nyadiakeun fasilitas kasehatan di puskesmas atawa rumah sakit, minimal pamarentah promosi kasehatan supaya masyarakat teh sadar yen kasehatan teh penting
siswa                    : Bu, kiat-kiat naon wae sankan urang jauh tina panyawat?
Narasumber           : kiat-kiat na saklah sahiji na urang kedah nganggo masker, ngawasuh panangan pami bade tuang, ngajaga stamina,tuang tuangeun anu sehat, bersih, higienis, poko namah ngajaga leuwih alus tibatan ngobatan
siswa                    : panginteun sakitu patarosan ti urang sadaya, Hatur nuhun kana waktos na
Narasumber           : muhun sami-sami neng.

HASIL LAPORAN
jejer wawancara   : Susah seneng na janteun parawat
Narasumber         : Ibu Wiwi

Ibu Wiwi anu yusuana 43 taun najabat janteun perawat di puskesmas Magung, anjeun na ngajabat janteun parawat the 20 taun, ti taun 90 dugi ka ayena,                       visi misi ibu Wiwi teh janteun parawat “panggilan hate nurani na” anjeun na hoyong nulungan sasami jalmi nu meryogikaun tanagina di widang kasehatan.
salian di puskesmas Magung, ibu Wiwi ngarangkap janeun puskesmas keliling ,  nu biasana nguriling di desa-desa nu aya kecamatan Ciparay, pancen janteun parawat   teh nyaeta ngarawat pasien anu ngagaduhan panyawat parah, mere penyuluhan ka  pasien-pasien,
Ibu Wiwi bangga janteun parawat teh, lantaran tiasa nulungan papada jalmi,      tiasa nyagerkeun anu gaduh panyawat, susah seneng na janteun parawat teh nyaeta seneng namah tiasa nulungan papada jalmi, ari susah namah nyaeta sering aya pasien   anu protes, janteun parawat mah ulah sieunan ku getih, ulah bauan, kedah tahan banting.
pangalaman ibu Wiwi janteun parawat teh seuer pisan di antawisna sering aya pelatihan progam kaehatan supartos pemberantasan penyawat, imuni sasi, KB, sering oge penyuluhan keliling kota, ka Cianjur, kaluar daerah contona ka padalarang.
kendala janteun perawat teh nyaeta fasilitas-fasilitas ti pamerentah anu terbatas    teu acan ngacukupan.
dina sadinteun aya kira-kira 150 orang pasien, nyaeta pasien rawat inap, pasien umum sareng jamkesmas, panyawat nu di alaman ku pasien nyaeta muntaber, tifus,  BDB, infeksi saluran pecernaan,panyakit anu parah nyaeta panyakit jantung.


pamarentah nyadiakeun kabijakan kanggo masyarakat anu kirang mampu      nayeta jamkesmas ti pusat sareng gakinda anu dana na ti pamerentah kabupaten,  jadi masyarakat anu kirang mampu mah gratis asal nyandak KTP sareng kartu kaluarga.
kiat-kiat pamerintah kanggo ningkatkeun kasehatan masyarakat nyaeta nyadiakeun fasilitas kasehatan kanggo masyarakat, minimal promosi kesehatan supaya masyarakat sadar yen kasehatan teh penting.
kiat-kiat urang sankan jauh dina panyawat nyaeta nganggo masker, ngawasuh panangan, ngajaga stamina, tuang tuangeun anu sehat, bergizi sarta higienis,              poko namah ngajaga leuwih alus tibatan ngabotan.
http://hana-fasha.blogspot.co.id/2010/12/wawancara-basa-sunda.html