BEWARA

 Arti Bewara
     Bewara (Ind. = pengumuman) sarua jeung beja, wawaran, atawa embaran anu ditepikeun ku salasaurang ka jalma loba. Tujuanana sangkan nu dibere beja teh apal kana naon-naon nu ditepikeun. Iklan oge saenyana mah kaasup kana beware keneh. Baheula mah bewara teh sok ku tulisan.
 Di handap ieu sawatara ciri bewara, diantarana bae :
1.      judul bewara (bisa tanpa judul),
2.      aya jejer nu dibewarakeun,
3.      aya eusi nu dibewarakeun, anu ngawengku : ngaran kagiatan atawa barang nu dibewarakeun, tempat jeung waktu kagiatan, tujuan beware, jeung panitian kagiatan (mun aya)
     Bewara oge bisa mangrupa iklan. Najan kitu, anu disebut iklan mah miboga ciri-ciri sejen anu leuwih husus, diantarana bae : aya judul atawa jejer anu diiklankeun, kalimahna parondok, kecap-kecap nu dipake jelas hartina, sipatna mangaruhan (persuasif), tujuana pikeun narik ati jalma lian, carana bisa ku cara kaleuleuwihi (bombastis) atawa rahul (hiperbola), biasana nganggulkeun produk barang atawa kagiatan anu diiklankeun.
     Bewara asal kecap tina biwara (basa kawi) nu hatina embaran atawa undang-undang . Kiwari mah hartina sarua jeung wawran atawa pengumuman tea, eusiana  bewana biasana mangrupa beja atawa informasi anu perlu dipikanyaho ku jelma rea, demi tujuan nepiken bewara teh bisa rupa-rupa, bisa mangrupa uar pangajak (persuasi), propaganda,biklan atawa promosi jeung sajabana.
     Mun nitenan wawancana di luhur kalawan gemet, urang bisa nyindenkkeun yen eusi bewara nu ditepikeunana teh mangrupa uar pangajak ti pihak osis ka para siswa, sangken milu ngarojong dina raraga mieling poe basa indung internasional atanapi Mother Tongue Days, nilik kana guluyur basa nu ditepikeun dina eta bewara, tetela gampil pisan geuning anu kudu diperhatikeun nepikeun  bewara, tangtu bae kudu merhatikeun basa nu dipakena, lentong, tatakrama katut ejahanana. Sabab mun basa katut ejahanana pabaliut, bakal hese katangkepna boh ku nu maca boh ku nu ngadengekeunana. Umumna basa nu dipake dina bewara mah sok ngagunakeun  basa loma bae. Pek titenan geura conto bewara ieu dihandap anu dicutat tina majalah Cupumanik

Bewara
Pasanggiri ngajena buku carpon mini sunda
Lembaga kabudayaan mekar parahayangan, gawe barung  jeung  penerbit kiblat buku Utama Katut Paguyuban Panglawungan Sastra(ppss), baris ngayakeun pasanggiri ngajenan Buku Carpon Mini Sunda. Ti pulpen tapi ka pajaratan cinta (Kiblat Buku Utama, Seri Girimukti, 2002). Tujuanana, pikeun ngaronjatkeun pangajen balarea kana buku-buku sunda, pangpangna buku carpon mini.

Katangtuan pasangiri:
1.      Saha bae bisa miluan iue pasangiri
2.      Karangan winagun prosa (esey) tur ditulis make basa Sunda
3.      Eusi karangan ngejana salah sahiji carpon anu aya kumpulan carpaon mini ti Pulpen nepi ka Pajaratan Cinta, bisa mangrupakun kritik atawa atas bahsan. Sakur pamilon bebas pikun ngajen  carpon mana bae, henteu diwatesanan ku sahiji  judul.
4.      Panjang karangan 2-3 kaca, di ketik dina keretas karton 1,5 spasi, antara 4000 nepi ka 5000 karakter.
5.      Sakur pamilon bisa ngirimkeun karangan lewih ti sajudul
6.      Karangan kudu bisa katarima ku panitia paling elat 10 oktober 2003 (cap pos ). Dina juru kencana amplop ditulis Pasanggiri Ngajenan Carpon Mini, sarta dikirimkeun ka panitia Pasanggiri Ngajenan Buku Carpon Mini, Jl Karawitan no. 46 Bandung 40264 Telp. (022) 7304764.
7.      para pinunjul  baris dibewarkeun tanggal 28 oktober 2003
8.      putusan juri teu bisa digangu-gugat

Hadiah:
Disadiakeun hadiah pikeun para pinunjul
1. Pinunjul I                                                     RP.1.000.000
2. Pinunjul II                                                    RP.   750.000
3. Pinunjul III                                                  RP    500.000
4. 12 Pinunjul HAREPAN @ RP. 100.000
Bandung, 5 juli 2003
Pantia Pasanggari Ngajenan Buku Carpon Mini Sunda

Drs. Soeria Disastra                                                                 Dra. Etti R. S., M. Hum
Ketua                                                                                       Sekretaris



Dina pedaran di luhur ditetelakeun yen napikeun bawara teh bisa rupa-rupa tujuan gumantung kana kaperluanana. Pek titenan ieu beware kapapatenan nu diembarkeun ku koran Kudjang!

Innalillahi wainnalilahi roji’un
Simpay pangasuh Kujang
Ngiring sungkawa ku ngantun na

Bapa  R.H.M. Sobri Hardjapamekas
(salah sawios sesepuh Sunda, yuswa 92 tahun)

Mugi ditampi iman Islamna. Amin

Pamingpin Umum

Drs.H. UU Rukmanana, M. S

-         Ngararangken kecap dina kalimah
Kecap kukumpul,pibekeleun, susuganan, nganti – nganti, jeung ragragnamangrupa kecap nu geus dirarangkenanjeung dirajek (kaasup rajekan binarung rarangken). Kecap pibekeleun asal kecap bekel make rarangken barung pi-eun, kecap ragragna asal kecap ragrag make rarangken tukang –an. Sedengkeun kecap kukumpul, nganti-nganti mangrupa kecap rajekan dwipurwa jeung dwimurni, kecap susuganan asal kecap sugan, mangrupa kecap rajekan dwipurwa binarung rarangken tukang    -an.

Sarat Nulis Bewara

     Bewara nyaeta embaran, wawaran / pengumuman nyaeta hal-hal penting anu perlu ditepikeun kabalarea / masyarakat, di pamarentahan atawa pausahaan aya nu disebut bagian hubungan masyarakat (HUMAS) / Public relation (PR) anu tugasna the nyaeta pikeun nyusun rupa-rupa bewara. Salian ti eta, lembaga ka presidenan oge aya nu disebut jubir (juru Bicara) tugasna nyusun rupa-rupa bewara. Salian ti eta, aya oge tokoh lengser anu tugasna teh pikeun ngabewarakeun parentah raja ka masyarakat balarea.

SARAT NULIS BEWARA
1. Topik nu bade di umumkeun / di bewarakeun nyaeta urang teh kedah nyanggem / ngartos
2. Ka saha ditujukeunana
3. Basa nu merenah sareng di pikahartos
4. Basana jelas, sopan, singket
5. Nepikeun bewarana kedah bedas, lafal, lentong / nada nyarita nyaeta kudu disaluyukeun sareng eusi bewara.

Kanggo Kelas XI
Damel dina buku catetan Bewara dina basa Sunda:
1. Uar pangajak 
2. Iklan Produk
3. Propaganda/mangaruhan:
- Sosial
- Lingkungan
_ Politik. jst