A. Wangenan
carita pondok
· Carita
pondok nya éta karangan rékaan (fiksi) dina wangun lancaran (prosa) anu
wangunna pondok
Carita pondok sok disingget carpon, nyaéta karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran (prosa) anu wangunna pondok. Lebah ukuran pondok téa, aya anu di ukur ku jumlah kecapna nyaeta antara 5.000 – 10.000 kecap. Aya ogé anu diukur ku waktu macana nyaeta kurang leuwih saparapat jam, upama dibaca nepi ka réngsé téh. Tapi umumna carpon Sunda, upama diketik dua spasi make kertas ukuran polio téh, antara 4 – 8 lambar.
Carita pondok tѐh mѐh sarua jeung dongѐng. Carita pondok jeung dongѐng tѐh pada-pada mangrupa carita nu eusina parondok. Bédana, dina dongѐng mah loba bagѐan carita nu pamohal (teu asup akal) sedengkeun ari carita pondok mah umumna teu midangkeun bagѐan nu pamohalan, tegesna eusi carita pondok mah kaharti ku akal. Palaku, jalan carita, tempat, jeung waktu kajadian dirѐka siga nu enya kajadian. Lian tiѐta carita pondok kaasup kana sastra modѐrn, sedengkeun dongѐng kaasup kana sastra heubeul. Carita pondok kanyahoan saha nu ngarangna, dongѐng mah teu kanyahoan saha nu ngarangna sabab sumberna ti masarakat umumna sacara lisan, sedengkeun carita podok sumberna tѐh umumna ngaliwatan wangun tulisan. Ayeuna kabѐhdieunakeun geus loba dongѐng nu dibukukeun tapi tetep nu ngarang mimitian mah teuing saha paling ogѐ aya katerangan dikumpulkeun/ dicaritakeun deui ku sahana.
Ciri-ciri carpon nyaéta :
2. palakuna saeutik,
3. latar tempatna saeutik, latar waktuna sakeudeung,
4. nyaritakeun hiji kajadian carita.
Karya sastra prosa tѐh nya ѐta karya sastra wangun lancaran (karangan basa bѐbas), hartina teu kauger ku ayana katangtuan jumlah baris dina tiap bait, jumlah suku dina tiap baris (guru wilangan), jeung katangtuan sora dina engang panungtung jajaran (guru lagu).
Buku kumpulan carita pondok munggaran basa Sunda judulna Dog-dog Pangrѐwong, karangan G. S. (ngaran samaran) dikaluarkeun ku Balai Pustaka dina taun 1930, genep taun leuwih ti heula batan kumpulan carita pondok basa Indonѐsia, nya ѐta Teman Duduk, karangan Muh. Kasim taun 1963. Mimiti loba carita pondok nu medal sanggeus Bangsa Indonѐsia merdѐka. Utamana sanggeus loba majalah-majalah nu medal, kurang leuwih dina taun 1951.
Ceuyahna carpon dina sastra Sunda pangpangna sabada merdéka. Sumebarna umumna ngaliwatan majalah-majalah jeung surat kabar sunda. Pangarang-pangarang carita pondok jeung karyana anu geus dibukukeun, diantarana :
(1) R.A.F. (Rahmatullah Ading Affandi): Carita Biasa, Dongéng Enteng ti Pasantren.
(2) Rusman Sutiasumarga : Papacangan.
(3) Ayatrohaédi : Hujan Munggaran.
(4) Caraka ( Sandiasma Wiranta ) : Néangan.
(5) Tini Kartini : Jurig, Nyi Karsih.
(6) Yus Rusyana : Diluhureun Jukut Reumis, Jajaten Ninggang Papastén.
(7) Ki Umbara : Diwadalkeun ka Siluman.
(8) I. Asikin : Nu Tepung di Imah Dukun
(9) Godi Suwarna : Murang-maring, Serat Sarwasatwa.
Pangarang carpon anu karyana can dibukukeun, diantarana : Mh. Rustandi Kartakusumah, Wahyu Wibisana, Adang S., Min Resmana, Holisoh ME., Ningrum Julaéha, Sukaésih Sastrini, Saini KM., Johar Éfsa, Aan Mérdéka Pérmana, Ami Raksanagara, A. Kohar, Tatang Sumarsono, Hidayat Soesanto, Sum Darsono, Cecep Burdansyah, Hadi AKS, Darpan Ariawinangun, Usman Supendi, jeung Budi Rahayu Tamsah.
Unsur carita anu aya dina carita pondok teh rupa-rupa, ngawengku :
1. Tema carita.
2. Tokoh atawa palaku carita
3. Plot atawa galur carita.
Aya rupa-rupa galur atawa plot carita , nyaeta :
a. Galur marele
b. Galur maju
c. Galur mundur.
d. Galur bobok tengah
4. Latar Carita
Anu kaasup latar carita nyaéta , waktu, tempat, jeung suasana lumangsungna kajadian carita.
5. Amanat Carita
Ø Galur caritana basajan
lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa museur kana hiji kajadian utama.
Biasana carpon mah ngagunakeun galur maju.
Ø Palakuna ukur dua
nepi ka lima urang
Ø Jumlah kecapna 5.000-10.000
kecap
Ø Jumlah halamanna 3-5
halaman
Ø Lamun dibaca 10-15 menit
anggeus
C. Béda
carpon jeung dongéng
v Dongéng mah sok aya
bagian-bagian anu ngandung unsur pamohalan (teu asup akal) sedengkeun cerpon
mah umumna eusina kabéh kaharti ku akal
v Dina carpon palaku, jalan
caritana, tempat kajadianana, diréka lir enya-enya kajadian
v Gelarna carpon mah béh dieu
sanggeus kapangaruhan ku sastra kulon, sedengkeun dongéng mah béh ditu atawa
sastra buhun
v Carpon sumebarna dina
wangun tinulis, sedengkeun dongéng mah sumebarna dina wangun lisan
v Carpon mah aya pangarangna,
sedengkeun dongéng mah teu disebutkeun saha pangarangna (anonim).
D. Karya Sastra
(carpon) jeung pangarangna
1. Dongéng
Enténg ti Pasantrén karya RAF
2. Hujan
Munggaran karya Ayatrohaédi
3. Jurig,
Paséa, jeung Nyi Karsih karya Tini Kartini
4. Jajatén
Ninggang Papastén karya Yus Rusyana
5. Halimun
Peuting karya Iskandarwasid
6. Nu
Harayang Dihargaan karya Darpan
E. Unsur-unsur
dina carita pondok
Téma
nya éta naon-naon anu dituliskeun ku pangarang dina karya sastrana nu nyoko
kana hiji ide atawa konsépsi. Téma gé rupa-rupa pisan, aya téma carita saperti
nu ngandung ajén moral, kamasarakatan, kaagamaan, kasajarahan, tatakrama,
atikan, cinta, jsté.
Tokoh/palaku
nya éta para palaku anu ngalalakon dina carita. Aya dua rupa palaku dina
carita, nya éta palaku utama (protagonis) jeung palaku kadua (antagonis) anu
jadi saingan atawa panghalang palaku utama dina ngahontal cita-citana.
Galur/
plot nya éta rakitan (struktur) rupaning kajadian carita nepi ka ngawujud
leunjeuran carita. Aya rupa-rupa galur carita di antarana; a) Galur mérélé nya
éta galur carita anu nyuguhkeun caritana mérélé atawa ngaruntuy; b) galur maju
nya éta galur carita anu ngagambarkeun lalampahan tokoh ti awal nepi ka ahir
kalawan ngaruntuy, carita henteu diselangan ku carita-carita lian nu teu perlu;
c) Galur mundur nya éta galur carita anu dimimitian tina tungtung carita
atawa épisode pamungkas heula; d) galur bobok tengah nya éta galur carita anu
langsung kana tengah-tengah carita.
Latar/
setting nya éta tempat, waktu lumangsungna kajadian.
Sumber:
v Sudaryat, Yayat jeung Lilis
Nur Ruhiyati. 2006 (citakan ka-1). Waruga Basa. Bandung: CV Karya
IPTEK.