LAPORAN KAGIATAN
A. Wangenan Laporan Kagiatan
Laporan téh mangrupa hasil atawa
naon-naon anu dilaporkeun. Kagiatan nepikeun laporan disebut ngalaporkeun, ari
kagiatan nyusunna disebut nyusun laporan. Laporan kagiatan nya éta tulisan
atawa omongan anu eusina nepikeun gambaran tina hasil kagiatan anu geus
dilaksanakeun. Kagiatanana bisa mangrupa kagiatan lalampahan, kagiatan maca, nongton
jrrd.
B. Hal-hal anu kudu aya dina nulis laporan
(1) Judul kagiatan
(2) Maksud jeung tujuan kagiatan
(3) Tempat anu dijugjug atawa dituju
(4) Waktu dilaksanakeunana kagiatan
(5) Pamilon nu milu dina kagiatan
(6) Kagiatan anu dilaksanakeun
(7) Hasil kagiatan
C. Rangkay laporan lalampahan
a. Bubuka
- Nyaritakeun tujuan, waktu, tempat, jeung pamilon kagiatan
b. Eusi
- kagiatan salila di tempat
- hasil anu kapanggih di tempat
c. Panutup
- Acara mungkas
- kacindekan
D. Conto Laporan
Lalampahan ka
Papandayan
Lalampahan ka
Papandayan téh salasahiji program insidéntalm KPLH Pancaksuji. Ieu kagiatan
dina ping 29-31 Agustus 2012. Tempat nu dijugjug nya éta gunung Papandayan nu
aya di kacamatan Cisurupan, kabupatén Garut. Pamilon nu ngilu dina ieu kagiatan
téh aya 10 urang, awéwé 7 jeung lalaki 3. Kabéhna téh mangrupa anggota KPLH
Pancaksuji. Lalampahan ieu miboga tujuan nya éta pikeun nambahan pangalaman
sarta ngalatih kamampuh dina hal naék gunung, ngaronjatkeun kacinta ka
alam nu geus diciptakeun ku Allah SWT, sarta mikanyaho asal-muasal ngaran
patempatan nu aya di sabudeureun gunung Papandayan.
Kagiatan lalampahan
ieu dilaksanakeun salila tilu poé. Poé kahiji mah rombongan indit ti
Bandung, nepi ka Garut peuting langsung nge-camp di pos kahiji
(Camp David). Isukna rombongan langsung ngalanjutkeun lalampahan ka camp Pondok
Salada. Di pos ieu rombongan ngadegkeun tenda keur nge-camp. Salian
ti rombongan urang, di pos Pondok Salada ogé loba ténda-ténda lianna. Peutingna
aya acara api unggun nu mangrupa ajang keur silaturahmi jeung rombongan séjén.
Didinya kaguar informasi yén numutkeun carita nu sumebar di masarakat ngaran
Papandayan dicokot tina kecap ‘panday’ tina kalimah ‘panday beusi’. Jaman
baheula kacaritakeun yén daérah gunung Papandayan téh tempat para déwa nyieun
beusi keur pakakas perang. Kawah-kawah aktif di Gunung Papandayan téh mangrupa
tempat gawé para déwa. Kamungkinan ayana sora-sora tina kawah éta nu jadi
asal-muasal caritana.
Salaku pecinta alam
lain ngan ukur mikacinta alam ku cara naék gunung jeung kagiatan alam lianna,
tapi leuwih ti éta urang kudu bisa ngajénan alam sarta bisa ngajaga jeung
ngariksa alam éta sorangan. Teu ngaruksak alam jeung kudu bisa ngamangpaatkeun
alam samistina teu kaleuleuwihi.