Wayang Golék
Ti Wikipédia,
énsiklopédia bébas basa Sunda
Wayang Golék téh hiji
seni pintonan wayang nu mangrupa bonéka tina kai nu
dipaénkeun ku dalang, nu kawentar tur populér pisan di Tatar Sunda.
Wayang
mangrupakeun bentuk téater rahayat nu populér pisan. Masarakat mindeng
ngahubungkeun kecap "wayang" jeung "bayang", dumasar
pintonanwayang kulit nu mintonkeun hirupna
bayangan/kalangkang wayang dina layar. Di
wewengkon Tatar Sunda, nu pangpopulérna mah wayang
golék.
Wayang golék
aya dua rupa: wayang golék papak (cepak) jeung wayang golék purwa. Iwal ti
wayang wong, pintonan wayang dimaénkeun ku dalang nu mingpin pintonan sakaligus ngalagukeun
suluk, nyoarakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu, jsb.
Sakumaha alur
carita pawayangan umumna, dina pintonan wayang golék ogé biasana boga
lalakon-lalakon anu boh galur atawa caranganana dicokot tina carita Ramayana jeung Mahabarata kalawan migunakeun basa
Sunda nu diiring ku gamelan Sunda (saléndro), nu diwangun
ku dua saron, peking,selentem, bonang, bonang rincik, kenong, sapasang goong (kempul
jeung goong), ditambah kendang (hiji
kendang Indung jeung tilu kulanter), gambangjeung rebab.
Karakter wayang
golék Arjuna, anggota Pandawa, tokoh pawayangan nu kawentar ku
kagandanganana.
Dina pintonan
wayang golék, lalakon nu ilahar dipintonkeun nyaéta lalakon carangan, lalakon
galur mat teu pati mindeng. Ieu bisa dijadikeun cicirén kaparigelan dalang dina
nyiptakeun lalakon carangan nu alus tur matak dipikaresep. Dalang wayang golék
nu kawentar di antarana Tarkim, R.U. Partasuanda, Abéng Sunarya, Entah
Tirayana, Apek, Asép Sunandar Sunarya, Cécép Supriadi, jld.
Pola pangadegan
wayang golék nyaéta (1) Tatalu, dalang jeung sinden naik panggung, gending
jejer/kawit, murwa, nyandra, suluk/kakawén, jeung biantara; (2) Babak unjal,
paséban, jeung bébégalan; (3) Nagara séjén; (4) Patepah; (5) Perang gagal; (6)
Panakawan/goro-goro; (7) Perang kembang; (8) Perang raket; jeung (9) Tutug.
Najan mibanda
fungsi rélijius (misalna dina ngaruwat), wayang golék kiwari leuwih
dominan dipaké salaku seni pintonan hiburan
rahayat nu mibanda fungsi nu luyu jeung pangabutuh lingkungan masarakat, boh
spiritual atawa materil. Hal ieu bisa ditempo dina sababaraha kagiatan
masarakat nu diramékeun ku pintonan wayang golék, di antarana hajat/kariaan
nyunatan, nikahan, jsb.
MÉDIA NYEBARKEUN ISLAM
Numutkeun
dugaan, sakumaha wayang kulit di wewengkon wétan (Jawa),
wayang golék dipaké ku para wali pikeun
nyebarkeun Islam di Tatar Sunda. Kusabab
ajaran Hindu harita geus raket jeung
masarakat Sunda harita, carita Mahabarata jeung Ramayana ti Tatar
Hindu dimodifikasi pikeun ngajarkeun Katauhidan. Misalna dina
carita Mahabarata, para déwa boga kawenangan nu absolut pikeun nangtukeun nasib
jeung takdir, mangka para wali nyieun objék anyar nu posisina leuwih kuat,
nyaéta Semar
Pandawa
Pandawa nyaéta
hiji kecap tina basa Sansakerta (Dewanagari: पाण्डव; diejah Pāṇḍava), anu sacara harafiah boga harti anak
"Pāṇḍu" (Pandu), nyaéta salah sahiji Raja Astinapura dina wiracarita Mahabarata. Ku kituna, Pandawa mangrupa
putera makuta karajaan kasebut. Dina wiracarita Mahabarata, para Pandawa nyaéta protagonis sedengkeun antagonis nyaéta para Kurawa, nyaéta putera Dréstarastra, baraya bapa maranéhanana (Pandu).
Kalima Pandawa ngadahup ka Drupadi anu
diparebutkeun dina hiji sayémbara di Karajaan Pancala. Para Pandawa mangrupa
inohong penting dina wiracaritaMahabarata, nyaéta
dina perang rongkah di Kurusétra antara para Pandawa jeung
para Kurawa jeung wadyabalad maranéhanana.
Carita kasebut jadi carita penting dina wiracarita Mahabarata, salian ti carita
Pandawa maén dadu jeung Kurawa.Para Pandawa diwangun ku lima urang pangéran,
tilu di antarana (Yudistira, Bima,
jeung Arjuna) mangrupa anak kandung Kunti,
sedengkeun anu séjénna (Nakula jeung Sadéwa)
mangrupa anak kandung Madrim, tapi bapa
maranéhanana sarua, nyaéta Pandu.
YUDISTIRA DINA VÉRSI PEWAYANGAN SUNDA JEUNG JAWA
Dina carita
vérsi Sunda jeung Jawa, Yudistira ngadahup jeung Dewi Drupadi, puteri Prabu Drupada jeung Dewi Gandawati ti
nagara Pancala, sarta boga anak lalaki nu
dingaranan Pancawala. (Nurutkeun carita India,
Drupadi kawin ka lima Pandawa babarengan).
Yudistira téh
anak cikal Prabu Pandu raja nagara Astina jeung permaisuri Dewi Kunti, putri Prabu Basukunti jeung
Dewi Dayita ti nagara Mandura. Manéhna miboga dua urang adi kandung nu
masing-masing ngaranna Bima (Werkudara)
jeung Arjuna, sarta dua urang adi kembar béda
indung, nu ngaranna Nakula(Pinten)
jeung Sadéwa (atawa Sahadewa kalayan
landihanna Tansen), putra Prabu Pandu ti Dewi Madrim, puteri Prabu Mandrapati ti
nagara Mandaraka. Lima sadulur ieu disebut Pandawa.
Yudistira
dianggap minangka turunan (titisan) Déwa Kaadilan, Batara Darma ku alatan éta salah sahiji
landihanana téh nyaéta Darmasuta, Darmaputra atawa Darmawangsa. Sajaba ti éta
manéhna ogé disebut Puntadéwa atawa Samiaji. Ngaran Yudistira sorangan dicokot
alatan dina awakna menunggal arwah Prabu Yudistira, raja jin ti nagara Mertani.
Yudistira miboga pusaka karajaan nu wujudna payung nu dingaranan "Kyai
Tunggulnaga" sarta hiji tumbak nu dingaranan "Kyai Karawelang".
Manéhna téh
raja anu alus. Getih bodas (Seta ludira) ngocor dina uratna. Teu kungsi
murka, teu kungsi tarung, teu kungsi ogé nampik paménta saha ogé, sakumaha
handapna tingkatan sang paménta. Waktuna dieusi ku ngumpulkeun kawijaksanaan.
Teu kawas satria anu séjén, anu pusaka saktinya
mangrupapakarang, pusaka andelan Yudistira
nyaéta Kalimasada kalimah ageman. Dasarna, manéhna téh cendikiawan tanpa pamrih,
anu maréntah kalayan kaadilan sampurna sarta kamurah haténa anu luhur.
Pangadegna anu sama sakali tanpa perhiasan nu nyolok mata, sirah nunduk
tandana mawas diri, sarta paroman beungeut keningratan anu lemes, ngarupakeun
gambaran idéal "Pandita Ratu" (Raja Pandita) anu geus nyingkahkeun
napsu dunya.
Tapi aya ogé
kakurangna, nyaéta resep judi. Ku alatan karesep ieu, Yudistira sawatara kali
katipu sarta diéléhkeun dina adu judi ku Duryodana, Raja Astinasarta pupuhu Kurawa. Alatan éléh maén dadu, kapaksa Yudistira (sarta
Pandawa sakabéhna) mikeun nagarana sarta miceun diri ka leuweung salila 13
taun.
Bima (Sansakerta:
भीम, bhīma)
atawa Bimaséna (Sansakerta: भीमसेन, bhīmaséna)
nyaéta salah saurang inohong protagonis dinawiracarita Mahabarata. Manéhna mangrupakeun anakna
Déwi Kunti sarta dipikawanoh sabagé
inohong Pandawa anu kuat, boga sipat sok dugal
sarta dipikasieun ku musuh, sanajan sabenerna haténa mah lemah lembut. Manéhna
mangrupakeun kulawarga Pandawa nu kadua ti lima sadulur. Bima satia kana hiji
sikep, nyaéta henteu resep basa-basi sarta teu kungsi laku ngadua haté sarta
henteu kungsi ngalétak ciduhna sorangan.Kecap bhīma dina basa Sansekerta hartina kurang leuwih
nyaéta "pikasieuneun". Sedengkeun ngaran séjén Bima nyaéta Werkudara
nu dina basa Sansakerta vṛkodara sarta boga harti
"beuteung serigala" nujul kana sipatna nu rampus
dahar.Dina wiracarita Mahabarata dicaritakeun yén
alatan Pandu henteu bisa boga turunan (alatan
supata ti saurang resi), mangka Kunti (pamajikan
Pandu) ménta dibéré anak ku Bayu, déwa angin. Tina hubungan Kunti jeung
Bayu, lahir Bima. Ku kasinugrahan ti Bayu, Bima jadi jelema anu pangkuatna
sarta pinuh kaasih jeung kadeudeuh.
Dina mangsa
keur budak, kakuatan Bima euweuh nu bisa nandingan. Kakuatan kasebut mindeng
dipaké pikeun ngajailan dulur-dulurna, nyaéta Kurawa. Salah sahiji anggota
Kurawa nyaéta Duryodana, pohara
ceuceub kana peta Bima anu sok jail. Kaceuceub kasebut tumuwuh subur sahingga
Duryodana boga niat pikeun maéhan Bima.
Dina hiji poé
sabot para Kurawa jeung Pandawa indit ulin ka wewengkon
walungan Gangga, Duryodana nyuguhan Bima kadaharan
sarta inuman anu saméméhna geus dicampuran racun. Alatan Bima tara curigaan ka hiji
jalma, manéhna ngadahar kadaharan anu disuguhkeun ku Duryodana. Teu lila ti
harita, Bima kapidara. Tuluy awakna ditalian sakuatna ku Duryodana ngagunakeun
pepelakan nu ngarambat, sanggeus éta dipalidkeun ka walungan Gangga maké rakit.
Waktu rakit anu mawa Bima nepi ka tengah walungan, oray-oray anu hirup di
sabudeureun walungan kasebut macok awak Bima. Ngan ajaib, peurah oray kasebut
robah jadi penangkal pikeun racun anu didahar ku Bima. Waktu
geus sadar, Bima langsung ngalaan iketan pepelakan nu dibeulitkeun kana awakna,
tuluy manéhna maéhan oray-oray anu ngégél awakna. Sawatara oray nyalametkeun
diri sarta nepungan rajana, nyaéta ...........poho deui.....
Waktu ...........poho deui.... ngadéngé béja
yén anak Pandu anu ngaranna Bima geus maéhan
anak buahna, manéhna geura-giru ngabagéakeun Bima sarta méré inuman sakti.
Inuman kasebut diinum sababaraha mangkok ku Bima, sahingga awakna jadi pohara
kuat. Bima cicing di karaton ...........poho deui....salila dalapan poé,
sarta sanggeus éta manéhna balik. Waktu Bima balik, Duryodana kaluman alatan jelema anu
dipikaceuceubna masih hirup. Sabot paraPandawa sadar yén kaceuceub dina haté
Duryodana mimiti tumuwuh, maranéhanana mimiti ati-ati.
Dina mangsa
rumaja, Bima sadulur dididik sarta dilatih dina widang militer ku Dorna.
Dina neuleuman élmu ngagunakeun pakarang, Bima leuwih museurkeun perhatianana
kana élmu ngagunakeun gada, kawas Duryodana. Duanana jadi murid Baladéwa,
nyaéta baraya Kresna anu pohara mahér dina
ngagunakeun pakarang gada. Baladéwa leuwih
mikanyaah Duryodana manan
Bima, sarta Duryodana ogé satuhu ka Baladéwa.Sabot
Bima jeung indung sarta dulur-dulurna ulin di Waranawata, manéhna jeung Yudistira sadar yén imah pamondokan
anu disadiakeun pikeun maranéhanana, geus dirarancang pikeun maéhan
maranéhanana. Badéga Duryodana, nyaéta
Purocana, geus ngawangun imah kasebut sakitu rupa maké bahan nu kawas lilin
sahingga gancang kabeuleum. Bima rék geura-giru indit, tapi ku bongbolongan
Yudistira maranéhanana tumetep di dinya salila sawatara bulan.
Dina hiji
peuting, Kunti ngayakeun pésta sarta saurang
wanoja anu deukeut jeung Purocana milu hadir dina éta pésta babarengan jeung
Pandawa. Sabot Purocana jeung wanoja kasebut sarta Pandawa saré tibra alatan
kadaharan anu disuguhkeun ku Kunti, Bima geura-giru ngajurung ambéh indung
sarta dulur-dulurna lumpat nyalametkeun diri kalawan ngaliwatan torowongan anu
geus dijieun saméméhna. Satuluyna, Bima mimiti ngaduruk imah lilin anu
ditinggalkeun ku maranéhanana. Ku alatan indung sarta dulur-dulurna ngarasa
tunduh sarta capé, Bima manggul maranéhanana sakaligus kalawan kakuatanana anu
rongkah. Kunti digéndong dina tonggongna, Nakula sarta Sadewa aya dina pingpingna, sedengkeun Yudistira sarta Arjuna aya dina leungeunna.
Mangsa geus
kaluar ti tungtung torowongan, Bima sarta barayana anjog di walungan Gangga. Di dinya maranéhanana
dianteur meuntas walungan ku badégana Widura, nyaéta patih Astinapura anu hariwang kana kaayaan
maranéhanana. Sanggeus meuntasan walungan Gangga, maranéhanana ngaliwatan Sidawata nepi ka Hidimbawana. Dina
lalampahan kasebut, Bima manggul kabéh barayana sarta indungna ngaliwatan jarak
nu jauhna kurang leuwih tujuh puluh dua mil.
Di Hidimbawana,
Bima papanggih jeung Hidimbi anu
kapentang asmara ku manéhna. Lanceuk Hidimbi anu ngaranna Hidimba, jadi ambek alatan Hidimbi geus
ragrag asih ka hiji jalma anu sakuduna jadi hakaneun maranéhanana. Satuluyna
Bima jeung Hidimba tarung. Dina tarung kasebut, Bima unggul sarta hasil maéhan
Hidimba ku leungeunnya sorangan. Tuluy, Bima ngadahup ka Hidimbi. Tina lakirabi
kasebut, lahir budak anu dibéré ngaran Gatotkaca. Bima sarta kulawargana tumetep
di dinya salila sawatara bulan babarengan jeung Hidimbi sarta Gatotkaca,
sanggeus éta maranéhanana neruskeun lalampahan.
Arjuna
Nakula
Nurutkeun
buku Mahabarata, Nakula kacida kasépna sarta
pohara éndah mameunteuna. Nurutkeun Drupadi, Nakula mangrupa salaki anu
pangkasépna di dunya. Tapi, sipat goréng Nakula nyaéta sok agul ku kakasépna.
Hal éta dicaritakeun ku Yudistira dina
buku Prastanikaparwa.
NAKULA DINA PAWAYANGAN SUNDA JEUNG JAWA
Nakula dina
padalangan Sunda jeung Jawa disebut ogé Pinten (ngaran
tutuwuhan anu daunna bisa dipaké ubar). Manéhna mangrupa anak kaopat PrabuPandu Déwanata,
raja nagara Astinapura ti
Déwi Madrim, puteri Prabu Mandrapati jeung Déwi
Téjawati, ti nagara Mandaraka. Manéhna lahir kembar jeung adina, Sadéwa.
Nakula ogé boga tilu baraya sabapa, nyaéta Yudistira, Bima sarta Arjuna
Nakula mahér
numpak kuda sarta pinter ngagunakeun pakarang panah jeung lembing. Nakula moal
bisa poho ngeunaan sagala hal anu dipikanyaho ku manéhna alatan boga Aji
Pranawajati paméré Ditya Sapujagad, sénapati nagara Amertani.
Nakula miboga
watek jujur, satia, taat, welas asih, nyaho ngabales budi sarta bisa nyimpen
rusiah. Manéhna dumuk di kasatriaan Sawojajar, wewengkon nagara Amarta. Nakula
miboga dua urang pamajikan nyaéta:
·
Dewi Sayati puteri Prabu Kridakirata, raja nagara Awuawulangit, sarta
meunang dua urang anak nu masing-masing ngaranna Bambang Pramusinta jeung Déwi
Pramuwati.
·
Déwi Srengganawati, puteri Resi Badawanganala, kuya raksasa anu dumuk di
walungan Wailu (nurutkeun Purwacarita, Badawanangala dipikawanoh salaku raja
nagara Gisiksamudra landihan Ékapratala) sarta meunang turunan saurang putri nu
ngaranna Déwi Sritanjung.
Sanggeus réngsé
perang Baratayuda, Nakula diangkat jadi raja
nagara Mandaraka luyu jeung amanat Prabu Salya lanceuk
indungna, Déwi Madrim.
Sadéwa
Sadéwa pinter
dina élmu astronomi beunang
bingbingan resi Drona. Sajaba ti eta, manéhna ogé réa
pangartina dina hal ngangon sapi. Ku alatan éta manéhna bisa nyamur jadi
pangangon waktu di nagri Wirata anu dicaritakeun dina Wirataparwa. Salila nyamur di Karajaan Matsya anu dipingpin ku RajaWirata, Sadéwa tanggung jawab ngarawat sapi
sarta sumpah baris maéhan Raja Gandara, Sangkuni, anu geus ngakaya Sadéwa jeung kulawarga
Pandawa séjénna sapanjang hirup. Manéhna hasil nyumponan sumpahna pikeun maéhan
Sangkuni dua poé saacan perang Baratayuda lekasan.
Diantara lima
Pandawa, Sadéwa anu paling ngora. Cacak kitu, manéhna dianggap salaku nu paling
wijaksana di antara maranéhanana. Yudistira malah nyarita yén manéhna
leuwih bijak batan Brihaspati, guru para déwa.
Sadéwa nyaéta
saurang ahli béntang anu hébat sarta dianggap nyaho kajadian anu baris
lumangsung dina Mahabarata tapi manéhna disupata yén lamun manéhna ngabébérkeun
naon anu dipikanyahona, sirahna baris beulah. Mangka ti éta, manéhna condong
cicingeun dibandingkeun jeung barayana anu séjén.
Jiga Nakula
(lanceukna), Sadéwa ogé satria ahli pedang anu hebét. Manéhna ogé ngadahup ka
puteri Jarasanda, Raja di Magada.
Sakumna Pandawa
babarengan ngadahup ka Drupadi, sarta Dropadi
mere saurang anak ka masing-masing Pandawa. Tina hasil hubunganana jeung
Drupadi, Sadéwa ngabogaan anak nu ngaranna Srutakama.
Sajaba ti éta,
Sadewa ngabogaan anak nu ngaranna Suhotra ti pamajikan nu lian nyaéta Wijaya.
Kurawa
Kurawa (basa Sansekerta: कौरव; kaurava)
nya éta kumpulan antagonis dina wiracarita Mahabarata. Ngaran Kurawa sacara umum
hartina "turunan Kuru".Kuru nya éta ngaran Maharaja anu
mangrupa turunan Bharata, sarta nurunkeun inohong-inohong
dina wiracarita Mahabarata. Kurawa
mangrupakeun satru kabuyutan para Pandawa. Jumlah maranéhanana nyaéta
saratus. Maranéhanana anak prabu Dréstarastra anu lolong ti
permaisurina, Dewi Gandari.
Istilah Kurawa
anu dipaké dina Mahabarata ngabogaan dua harti:
·
Harti jembar: Kurawa ngarujuk ka sakumna turunan Kuru. Dina harti ieu, Pandawa ogé kaasup Kurawa, sarta
kadangkala disebut kitu dinaMahabarata.
·
Harti heureut: Kurawa ngarujuk kana garis turunan Kuru anu leuwih kolot. Istilah ieu
ngan kawates pikeun anakna Dréstarastra, sabab manéhna mangrupa turunan
anu pangkolotna dina garis turunan Kuru. Istilah ieu henteu ngawengku
anak Pandu, anu ngadegkeun garis turunan anyar,
nyaéta para Pandawa.
Dina Mahabarata diceritakan yén Gandari, pamajikan Dréstarastra, hayang boga saratus anak.
Saterusna Gandari ménta ka Abiyasa, saurang patapa sakti, sarta
ditedunan. Gandari jadi ngandeg, tapi sanggeus lila ngandung, anakna teu lahir
waé. Manéhna jadi timburu ka Kunti anu geus
méré Pandu tilu urang anak. Gandari
keuheul, tuluy neunggeulan kandunganana. Sanggeus ngaliwatan mangsa ngajuru,
anu lahir tina pianakanana ngan saukur sagumpal daging.Abiyasa saterusna nyiksikan daging
kasebut jadi saratus bagian sarta ngasupkeunana kana 100 gentong, anu saterusna
dipelak dina taneuh salila sataun. Sanggeus sataun, gentong-gentong kasebut
dibuka deui sarta tina tiap gentong, muncul orok lalaki. Anu pangheulana
mecenghul nyaéta Duryodana, dipirig
ku Dursasana, sarta barayana anu séjén.
Sakumna
anak Dréstarastra tumuwuh jadi lalaki anu
garagah. Maranéhanana ngabogaan baraya nu ngaranna Pandawa, nyaéta kalima anak Pandu.
Sanajan maranéhanana duduluran, Duryodana anu mangrupa baraya
pangkolotna para Kurawa, sok ngarasa timburu ka Pandawa, utamana ka Yudistiraanu rék dicalonkan jadi raja
di Astinapura. Akibatna muncul pacogrégan anu
puncakna jadi hiji perang rongkah di Kurusetra.
Sanggeus perang
rongkah nu lumangsung salila dalapan belas poé, saratus anak Dréstarastra
gugur, kaasup incu-incuna, kajaba Yuyutsu, anakDréstarastra anu lahir ti saurang
dayang. Anu pamungkas gugur dina perang kasebut nyaéta Duryodana, baraya pangkolotna para Kurawa.
Saméméhna, adina anu ngaranna Dursasana gugur ku leungeun Bima.
Yuyutsu nyaéta hiji-hijina anak Drétarastra anu salamet dina perang di
Kurusetra alatan ngabiluk para Pandawa sarta manéhna neruskeun garis
turunan bapana.
Di handap ieu
nyaéta daftar ngaran-ngaran saratus Kurawa anu dibédakeun jadi dua vérsi, vérsi
India jeung vérsi Indonésia. Dua Kurawa utama nyaéta Suyudana landihan
Duryodana jeung Dursasana nu disebut leuwih tiheula dina daftar kasebut.
Saterusna anu séjén disebut nurutkeun urutan aksara.
Tokoh Kurawa
Vérsi Indonésia
3.
Abaswa
4.
Adityaketu
5.
Aloba
6.
Anadresya (Hanyadresya)
7.
Anudara (Hanudara)
8.
Anurada
9.
Anuwinda (Anuwenda)
10.
Aparajita
11.
Aswaketu
12.
Bahwasi (Balaki)
13.
Balawardana
14.
Bagadatta (Bogadenta)
15.
Bima
16.
Bimabala
17.
Bimadewa
18.
Bimarata
19.
Carucitra
20.
Citradarma
21.
Citrakala
23.
Citrakunda
24.
Citralaksya
25.
Citrangga
26.
Citrasanda
27.
Citrasraya
28.
Citrawarman
29.
Darpasanda
30.
Dreksetra
31.
Dirgaroma
32.
Dirghabahu
33.
Dirgacitra
34.
Dredahasta
35.
Dredawarman
36.
Dredayuda
37.
Dretapara
38.
Duhpradarsana
39.
Duhsa
40.
Duhsah
41.
Durbalaki
42.
Durbarata
43.
Durdarsa
44.
Durmada
45.
Durmarsana
46.
Durmukha
47.
Durwimocana
48.
Duskarna
49.
Dusparajaya
50.
Duspramana
51.
Hayabahu
52.
Jalasanda
53.
Jarasanda
54.
Jayawikata
55.
Kanakadwaja
56.
Kanakayu
57.
Karna
58.
Kawacin
59.
Kratana
60.
Kundabedi
61.
Kundadara
62.
Mahabahu
63.
Mahacitra
64.
Nandaka
65.
Pandikunda
66.
Prabata
67.
Pramati
68.
Rodrakarma (Rudrakarman)
69.
Sala
70.
Sarua
71.
Satwa
72.
Satyasanda
73.
Senani
74.
Sokarti
75.
Subahu
76.
Sudatra
77.
Suda
78.
Sugrama
79.
Suhasta
80.
Sukasananda
81.
Sulokacitra
82.
Surasakti
83.
Tandasraya
84.
Ugra
85.
Ugrasena
86.
Ugrasrayi
87.
Ugrayuda
88.
Upacitra
89.
Upanandaka
90.
Urnanaba
91.
Weda
92.
Wicitrihatana
93.
Wikala
94.
Wikatanana
95.
Winda
96.
Wirabahu
97.
Wirada
98.
Wisakti
100.Wyudoru
(Wiyudarus)