KAWIH jeung TEMBANG

Materi Ajar
Tembang: nya éta Lagu nu rumpakana  kauger ku gurulagu jeung guru wilangan, sarta biasana mibanda wirahma anu teu angger.
Kawih nya éta lagu nu rumpakana teu kauger ku guru lagu jeung guruwilangan, sarta biasana mibanda wirahma nu tetep/angger
Jalma nu sok ngahaleuangkeun kawih disebut
Juru Kawih/Sinden, sedengkeun jalma nu sok ngahaleuangkeun tembang disebut Juru Mamaos.
Gurulagu: sora vokal dina tungtung padalisan
Guruwilangan: jumlah engang dina sapadalisan
Pada: bait
Rumpaka: sya’ir
Padalisan: baris
Engang: suku kata
Ngahaleuangkeun= ngalagukeun
Mibanda=ngabogaan
Wirahma=ketukan/tempo

Rupa-rupa kawih: kawih murangkalih, kawih cianjuran, kawih degung, kawih modern.
Rupa-rupa tembang; tembang wawacan/beluk, cianjuran, sawér, pupuh, jst.
PANCÉN
1.      Regepkeun kawih atawa tembang tuluy tulis rumpakana, caritakeun deui eusina maké basa sorangan
2.      Analisis Kawih jeung tembang nu aya dina buku paket Gentra basa jeung Waruga basa
1.                  Nyangking pesen(eusi)
2.                  Nuliskeun rumpaka=sya’ir
3.                  Numuwuhkeun cinta kana kasenian/budaya Nusantara(Sunda)