SAWALA/DISKUSI/RAPAT

A.  Wangenan Rapat
·         Rapat  nya éta  babadamian pikeun ngaréngsékeun hijimasalah dina  organisasi.
·         Rapat ogé mangrupa ngumpulna sakurang-kurangna dua atawa leuwih jalma pikeun mutuskeun hiji tujuan (Shrap v. Dawes, 1976).
·         Rapat nya éta lawungan dina hiji organisasi, pausahaan, instansi pamaréntahan boh dina situasi formal boh nonformal pikeun ngomongkeun, ngabadamikeun sarta mutuskeun hiji masalah dumasar hasil kasapukan babarengan.
B.  Tujuan diayakeunna rapat
a)      Pikeun ngungkulan atawa néang jalan kaluar hiji masalah
b)      Pikeun nepikeun informasi, paréntah atawa pernyataan
c)      Minangka alat koordinasi antarintern atawa antarékstéren
d)     Sangkan pamilon rapat bisa ilu biung kana masalah-masalah nu keur kajadian
e)      Nataharkeun huju acara atawa kagiatan
f)       Ngumpulkeun sakabéh pasualan ti para pamilon rapat
C.  Jenis rapat
1.      Dumasar tujuan
-       Rapat penjelasan
-       Rapat ngungkulan masalah
-       Rapat perundingan
2.      Dumasar sifat
-       Rapat formal
-       Rapat informal
-       Rapat terbuka
-       Rapat tertutup
3.      Dumasar waktu
-       Rapat mingguan
-       Rapat bulanan
-       Rapat taunan
4.      Dumasar frékuénsi
-       Rapat rutin
-       Rapat insidéntal
5.      Dumasar ngaran
-       Rapat kerja
-       Rapat dinas
-       Musyawarah kerja
D.  Tanggungjawab pamingpin rapat
Pamingpin rapat nya éta jalma anu dipercaya  nyekel kadali pikeun ngatur lalu lintas atawa patali marga di antara pamilon rapat. Pamingpin rapat tugasna bisa jadi panumbu catur sarta sakaligus sakaligus jadi pangjejer rapat. Pamingpin rapat atawa panumbu catur  boga tugas pikeun ngatur, ngalelempeng, ngaping, sarta miara lumangsungna rapat. Tanggungjawab pamingpin rapat atawa panumbu catur kaitung beurat lantaran hasil henteuna rapat gumantung ka dirina. Rupa-rupa tanggungjawab pamingpin rapat di anatarana:
a.     Ngajaga atawa miara lancarna diskusi
b.    Ngalelempeng (ngarahkeun) jalanna diskusi sangkan ngahontal tujuan nu dipiharep
c.    Nampung jeung ngamalirkeun kahayang katut pamadegan pamilon diskusi
d.   Nyiuen kacindekan saheulaeunan tina hasil diskusi
e.    Ngarumuskeun hasil nu bisa ditarima ku sakumna pamilon
E.   Omongan panumbu catur/ pamingpin rapat
1.      Aya salam bubuka
2.      Salam panutup
3.      Ucapan hatur nuhun
4.      Nanyakeun kamandang atawa pamadegan ti pamilon rapat
5.      Nanyakeun sapuk henteuna
6.      Nyieun kacindekan
F.   Syarat rapat anu hadé
1.      Tatahar rapat
ü  Nangtukeun tujuan rapat sarta acara rapat
ü  Nangtukeun waktu, tanggal, poé, tahun
ü  Nangtukeun tempat
ü  Akomodasi
ü  Konsumsi
ü  Média/ peralatan
2.      Prungna kagiatan rapat
ü  Suasana rapat lumangsung terbuka
ü  Para pamilon rapat berperan aktif
ü  Ayana kadali ti pamingpin rapat
ü  Singkahan debat kusir
ü  Basa kudu komunikatif
ü  Singkahan monopoli nalika nyarita
ü  Ayana kaputusan jeung kacindekan rapat

ü  Ayana notulén

Sawala atawa diskusi mangrupa kagiatan tukeur pikiran pikeun mahamkeun hiji pasualan, sarta neangan jalan pikeun ngarengsekeunana.
Jalma anu mingpin sawala disebut  panumpu catur atawa moderator. Pamingpin sawala ngabogaan kawajiban pikeun ngarumuskeun masalah kalawan merenah. Tapi masalah anu dirumuskeunana teu ngan saukur mangrupa jawaban anu dirumuskeunana, teu ngan saukur mangrupa jawaban bener atawa salah. Pamingpin sawala anu hadé kudu:
1.      Apal aturan perkara sawala.
2.      Sabar.
3.      Ngahargaan unggal padamegan nu di asongkeun ku panyatur atawa pamilon.
4.      Jujur, someh, teu nogencang (beurat sabeulah).
            Sedengkeun jalma anu pancénna nuliskeun hasil swala disebut girang serat. Anu ilubiung dina lumangsungna kagiatan  sawala di sebut pamilon.
            Saacan diskusi dimimitian, urang kudu nangtukeun heula:
1.      Jejer/ topik diskusi
2.      Panumbu catur
3.      Pupuhu
4.      Juru catur/ pangjejer
5.      Kudu bisa nepikeun kasaluyuan atawa nolak kana pamadegan batur diskusi.

6.      Kudu bisa ngasongkeun (mengemukakan) sawangan anu ngadeudeul (nyatujuan) atawa ngabantah pamadegan batur.
A. Harti Diskusi
Diskusi mangrupakeun cara tukeur pikiran pikeun ngabadamikeun hiji pasualan. Ilaharna diskusi ngalibatkeun sababaraha urang. Malah dina kagiatan-kagiatan umum mah, anu ngalibatkeun jalma loba, kudu loba pangaturan anu jelas supaya prosesna lancer tur bener.
Lian ti éta aya ogé nu disebut rapat, nyaéta gempungan para pangurus organisasi atawa perkumpulan nu aya patalina jeung pancén atawa rupa-rupaning pasualan. Rapat biasana dipimpin langsung ku kapala atawa pupuhu éta organisasi. Sabagé pamingpin, kapala instansi ngarahkeun obrolan, pamanggih, koméntar para pamilon supaya kaputusan nu dihasilkeunana bener-bener luyu jeung tujuan rapat.

B. Para Palaksana Diskusi
Para palaksana diskusi ngabogaan pancén séwang-séwangan. Maranéhna aya nu disebut moderator atawa panumbu catur, sekretaris, narasumber atawa panelis, jeung paserta.
1. Moderator
Pancénna nyaéta saperti di handap ieu.
a) Nepikeun pasualan-pasualan nu baris didiskusikeun.
b) Nepikeun aturan maén atawa tata cara diskusi.
c) Muka jeung nutup jalanna diskusi.
d) Ngatur jalanna diskusi.
e) Ngajaga kalumangsung diskusi luyu jeung tujuan ogé jadual nu ditangtukeun.
f) Nepikeun kasimpulan-kasimpulan diskusi.

2. Sekretaris 
Pancén poko sekretaris diskusi.
a) Nyatet ngaran peserta diskusi jeung tanggapan-tangapanana.
b) Nyatet kajadian atawa hal-hal husus salila diskusi.
c) Nyieun catetan jeung kasimpulan-kasimpulan samentara diskusi.
d) Nyieun laporan diskusi sacara lengkep satutasna diskusi.
e) 
3. Panelis
Dina diskusi-diskusi gedé, sapertikeun diskusi panel atawa seminar, sok aya petugas diskusi séjénna nu disebut panelis atawa narasumber. Pancén pokona nepikeun makalah atawa medar téma diskusi sacara panjang lébar. Manéhna boga peran sabagé narasumber atawa pananyaan pikeun para peserta diskusi patalina jeung hiji pasualan.

4. Peserta
Kahadiran jeung andil para peserta utama pisan pikeun kalumangsungan diskusi. Kateuhadiran para peserta diskusi sarua hartina jeung teu aya diskusi. Ti para diskusi, sagala pamanggih, jalan kaluar, jeung kasimpulan-kasimpulan bias dirumuskeun. Ku sabab kitu, para peserta diskusi teu saukur diharepkeun hadir, nu leuwih penting nyaéta andilna ku mangrupa saran, pandapat, atawa koméntar- koméntarna.

C. Tata Cara Diskusi
Sacara umum, tata cara diskusi ngawengku sababaraha tahapan saperti di handap ieu.
1. Meunang idin ti moderator
Saméméh nepikeun saran, pamanggih jeung séjén- séjénna, unggal peserta kudu meunang idin ti moderator. Teu cukup ku ngangkat leungeun, peserta diskusi meunang nyora lamun ditunjuk atawa diidinan ku moderator.

2. Ngenalkeun Diri
Ngenalkeun diri diperlukeun dina diskusi-diskusi gedé, utamana anu pesertana teu saling kenal. Ungggal peserta nu rék nepikeun pamanggih, saran, kritik, jeung sajabana perlu ngamimitian ku ngenalkeun diri: ngaran, kelas/sakola, atawa alamat. 

3. Nepikeun Saran atawa Pamanggih
Dina nepikeun saran atawa pamanggih, hal-hal di handap ieu kudu diperhatikeun.
a. Saran, pamanggih, jeung sajabana kudu dibarengan ku alesan, fakta, atawa conto nu jelas.
b. Saran atawa pamanggih kudu ditepikeun kalawan lancar, jelas, sopan, jeung wijaksana.
Anapon tahapan-tahapan mingpin diskusi/rapat, nyaéta saperti di handap ieu:
1. Muka diskusi
a. Ngucap salam
1. Assalamualaikum Wr. Wb., hadirin!
2. Wilujeng énjing para wargi.
b. Nganuhunkeun kana kahadiran para peserta atawa pamilon diskusi.
Nganuhunkeun ka para pangurus OSIS anu tos sayogi ngalungguhan pangulem pribados kanggo ngahadiran ieu acara.
c. Nepikeun pamaksudan diskusi.
Anapon pamaksudan prbados ngayakeun ieu diskusi teu aya sanés kanggo ngabadantenkeun rencana urang dina acara halalbihalal engké. Utamina tempat, waktu, sareng biaya anu diperyogikeun.

2. Ngatur jalanna diskusi
Kalimah-kalimah nu ilahar digunakeun ku pamngpin diskusi dina ngatur atawa ngarahkeun jalanna diskusi, nyaéta saperti di handap.
a. Mangga ka sadérék sadaya nu bade ngadugikeun saran-saran.
b. Rupina pasualan dana mah éngké waé dibahas ti pengker. Ayeuna mah langkung saé ngabaddantenkeun tempat sareng waktosna heula.
c. Supados teu nyangkolon kana waktos, mangga urang putuskeun waé ku cara voting…
d. Saéna urang istirahat waé heula atuh supados tiasa seger sareng langkung sumanget deui. Kinten-kinten tabuh dua urang teraskeun ieu rapat.
3. Nyimpulkeun jeung nutup diskusi.
a. Janten aya sababaraha kacindekan nu tos disaluyuan ku sadayana nyaéta…
b. Tina hasl babaddantenan tadi, ti siang dugi ka sonten ayeuna, aya sababaraha hal nu tos tiasa ku urang disimpulkeun…
c. Alhamdullilah, sadérék sadaya, rapat tos tiasa ngahasilkeun sababaraha kaputusan penting. Mudah-mudahan sadayana mangpaat sareng tiasa ku urang dilaksanakeun kalawan lancer.

D. Niténan Lumangsungna Diskusi.
Dina kahirupan sapopoé, bias ogé urang ngan saukur jadi pamilon diskusi atawa pangamat wungkul. Éta kassmpetan hade pisan pikeun dijadikeun conto lamun prak-prakan bener-bener alus, sakalgus bias djadikeun pieunteungeun lamun éta diskusi téh goréng.
Pananya-pananya di handap ieu bisa djadikeun padoman dina nganiléy goréng alusna hiji diskusi.
1. pamingpin diskusina adil tur wijaksana?
2. ngarti pamingpin diskusi téh kana aspirasi anggotanya?
3. para anggota miluan éta diskusi téh serius atawa apilain?
4. pamanggih sarta koméntar-koméntarna ditepikeun sacara lengkep tur jelas?
5. pasualan-pasualan diskusi téh kapecahkeun kalawan tuntas?
Pananya-pananya di luhur bisa ditambahan-tambahan deui, misalna nu aya patalina jeung kaefektifan waktuna, katartiban dina palaksanaanana, kabersihan tempatna.

E. Ngalaporkeun Hasil Diskusi
Ngalaporkeun hasil diskusi hartina nepikeun jeung nétélakeun sagala rupa hal nu diputuskeun dina jero diskusi. Laporan diskusi kabiasaanana dijieun sacara tinulis. Gunana pikeun padoman para anggota diskusi, sabagé dokumén atawa arsip organisasi. Laporan éta perlu ogé ditepikeun ka pihak-pihak séjénna, atawa kapala sakola. Lamun para pangurus RT nu diskusina, hasilna ditepikeun ka lurah atawa kuwu.
Anapon widang-widang nu perlu ditepikeun dina laporan diskusi, nyaéta:
1. jejer atawa masalah nu didiskusikeun,
2. tujuan diskusi,
3. para pelaksana jeung pamilon diskusi,
4. tempat jeung waktu diskusi,
5. hasil-hasil diskusi,
6. kacindekan.
Dihandap ieu dicontokeun susunan laporan diskusi,
1) pangbubuka 
a. kasang tukang diskusi
b. jejer/masalah diskusi
c. tujuan diskusi
d. tempat/waktu 
e. pamilon
2) hasil diskusi
a. poko-poko masalah nu didiskusikeun
b. pananya sarta tanggapan nu dtepikeun ku pamilon rapat
3) panutup
a. kacindekan-kacindekan diskusi
b. pasualan-pasualan nu nyésa, tacan kabahas (lamun aya)
c. saran-saran
4) lampiran 
Bagéan lampiran dieusi ku rupa-rupa dokumén nu aya patalina jeung kagiatan diskusi, saerti;
a. jadual diskusi
b. susunan acara diskusi
c. daftar pamilon diskusi.