BIOGRAFI

Biografi (bio: hirup; grafi:tulisan) nya éta carita atawa katerangan anu sipatna non-fiksi ngeunaan kahirupan hiji jalma, boh anu hirup keneh boh anu geus maot[1] [2].
Dina biografi kawengku rupa-rupa informasi anu jéntré tur lengkep. Dina tulisan biografi henteu ngan saukur aya idéntitas, tapi leuwih nyosok jero kana sakabéh aspék kahirupan tokoh, ti mimiti lahir nepi ka kaayaan panganyarna. Biasana tulisan biografi ngamuat kahirupan tokoh anu dianggap penting ku hiji komunitas/masarakat.
Ieu di handap mangrupa hal-hal anu biasa aya dina tulisan Biografi, dantarana:
  1. Ngaran, lalandian, atawa jujuluk;.
  2. Kalahiran jeung asal-usul kulawargana.
  3. Bentuk fisik jeung pasipatanana.
  4. Pikiran atawa gagasan ti tokohna.
  5. Karya jeung hasil gawéna.
  6. Préstasi sarta pangajén nu pernah katarima
Loba mangpaat anu bisa dicokot tina maca biografi, diantarana:
  1. Diajar jeung ngeunteung kana pangalaman hirup hiji inohong/tokoh.
  2. Bisa maca gagasan atawa pikiran tina hiji tokoh.
  3. Biografi hiji tokoh bsa dijadikeun dokumén sajarah.
  4. Maham hiji kajadian tina sawangan anu béda-béda.

Harti Biografi
Biografi nyaéta pedaran nu ngalalakonkeun kahirupan saurang tokoh. Nu nulisna pihak séjén. Lian ti éta aya deui istilah otobiografi, nyaéta lalakon hirup nu ditepikeun ku soranganana.
Unsur-unsur Biografi
1. Dedeg pangadeg
2. Pasualan ngaran
3. Kahirupan keur leutik
4. Kasang tukang kaluarga
5. Riwayat pendidikan
6. Karir
7. Kaparigelan
8. Karya-karyana
Lian ti éta, biografi bisa ditepikeun ku mangrupa formulir. Eusina diwincik hiji-hiji, sacara langsung disebutkeun datana. Pedaran data pribadi samodél kieu ilaharna disebut biodata. Dijieunana pikeun kaerluan nu sipatna praktis, saperti ngalamar pagawéan, pangajuan KTP, muka rékening di bank, pendaftaran siswa baru, nohonan sarat-sarat dina pasanggiri, jeung sajabina.
Biodata ngawengku katerangan saperti:
1) Nagaran lengkep,
2) Jenis kelamin
3) Status marital,
4) Agama,
5) Ngaran kolot,
6) Alamat,
7) Nomer telepon/email,
8) Riwayat pendidikan,
9) Pengalaman berorganisasi,
10) Pengalaman kerja,
11) Pengalaman widang penelitian,
12) Karya-karya
13) Penghargaan-penghargaan.
Henteu sakabéh keterangan di luhur kudu aya dina hiji biodata. Katerangan-katerangan éta diluyukeun jeung kaperluanana. Katerangan pikeun nohonan sarat-sarat pasanggiri, béda jeung katerangan pikeun ngalamar pagawéan atawa pangajuan KTP.

CONTO BIOGRAFI
Raden Oto Iskandar di Nata nyaéta pajoang kamerdikaan nu gumelar di BojongsoangDayeuhkolotBandung31 Maret 1897 – pupus di MaukTangerangBanten dina yuswa 48 taun. Teureuh ménak putra bangsawan ieu téh kasohor lébér wawanénna. Teuneung ludeung dina nyinghareupan rupa-rupa perkara, pangpangna pikeun ngabéla nasib rahayat.[1]
Oto mingpin Pagoejoeban Pasoendan saprak warsih 1929 nepi ka 1942. Organisasi ieu usik dina widang atikan (ngadegkeun lobasakola), budayaékonomi (Bank ogé koperasi) sarta hukum. Warsih 1931 nepi ka 1941 manéhna jadi anggahota Volksraad, anu jadi babakal ti Déwan Pangwakil Rahayat di poé kahareupnakeun.
Kahirupan sapopoé Oto Iskandar di Nata téh éstuning basajan. Teu sombong, nyaah kanu leutik, hormat ka sasama. Tuladeun pikeun jalma-jalma séjénna. Arang langka kiwari manggihan jalma kawas anjeunna. Tapi lamun geus ngabéla bebeneran, merjuangkeun masarakat umu, éstu matak gimir nu ngayonan.[1]
Oto kungsi sakola di HIS ogé namatkeun sakola Guru di Bandung. Ilaharna budak séjén, Oto oge kawentar budak bangor, tapi cerdas, sakolana teu kungsi ngendog, peunteunna aralus jeung jadi idola batur-baturna. Saenggeus gedé, Oto jadi guru ogé aktif dina pergerakan kabangsaan, ancrub ka dunya pulitik, diantarana Boedi Oetomo cabang Pekalongan, basa ditempatkeun jadi guru di Pekalongan taun 1924. Putra-putrina aya sabelas, opat urang lalaki jeung tujuh urang awéwé, éta sabada nikah ka Ibu Sukriah taun 1923.[1]
Pangpangna basa jadi anggahota Volksraad (Déwan Rahayat). Di Volksraad anjeunna minangka anggahota wawakil ti Paguyuban Pasundan. Oto kawentar jadi anggahota anu pangwanina dina ngabéla hak-hak rahayat. Kiritikan jeung satratéhi pulitikna diperhitungkeun pisan ku Pamaréntah Walanda. Sakur caritaan Oto jadi bahan pikiraneunPamaréntah Walanda. Hiji waktu dina sidang Volksraad, Oto nyarita kalawan perténgtang, teuneung ludeung, taya kakeueung, taya karingrang. Nepi ka pingpinan sidang katut anggahota wawakil bangsa Walanda mangsa harita nakol-nakolkeun palu kana méja sidang sangkan Oto eureun nyaritana. Tangtu waé sagala ucap-ucapan Oto ngeunaan bajuang pikeun kamerdekaan téh ngabalukarkeun Tuan ketua Volksraad ambek, nepika nakolan méja sidang. Unggal Oto pidato dina sidang Volksraad, urang Walanda mah padagimir, sabab eusi pidatona peureus. Nepika anggahota wawakil Walanda mah méh kabéh meungpeukan ceuli ku dua dampal leungeunna. Tangtu waé sikep urangWalanda anu saperti kitu téh matak tugenah ka anggahota Volksraad wawakil bangsa Indonésia. Sanajan urang Walanda henteu merhatikeun pidatona tinimbang eureun mah kalahka beuki sumanget pidatona. Ngajejeléh ka pamingpin pamaréntah Walanda. Nya dina taun 1935 Oto dicabut kaanggahotaan Volksraad na. Jaman panjajahan Jepang, Oto diangkat minangka anggahota Jawa Hokokai. Harita jabung jeung Jepang téh ngan saukur siasat. Nepika Jepang dina mangsa harita ngawidian ngadegkeun Pembéla Tanah Air (Péta). Oto téh minangka jalma harita nu mimiti ngedalkeun jeung nyetuskeun istilah Indonésia Merdéka, nu katutuluyna mah dirobih jadi Merdéka hungkul. Harita kecap “Merdéka!” téh minangka ébréhan rahayat Indonésia anu miharep kamerdékaan ogé siap bajuang pikeun kamerdékaan.
Warsih 1945 manéhna jadi anggota BPUPKI (Awak Penyelidik Usaha-usaha Kamerdikaan Indonésia) sarta diuk dina PPKI (Panitia Persiapan Kamerdikaan Indonésia). Oto Iskandar di Nata milu ngararancang UUD 1945. Dina sidang PPKI tanggal 19 Agustus 1945, Oto mengusulkan ambéh Sukarno dipilih minangka Présidén sarta Hatta minangka Wawakil Présidén. Anggota sidang nyatujuan usul kasebut sacara aklamasi. Sanggeus Indonésia merdika, Oto diangkat jadi Menteri Nagara anu ngurus masalah kaamanan.
Saprak Oto diangkat jadi Menteri pisan manéhna leungit dina ahir warsih 1945. Bisa disebutkeun Oto Iskandar di Nata nyaéta "jelema leungit" nu munggaran dina sajarah Républik Indonésia. Kakara 14 warsih saterusna (1959), kaungkab yén manéhna dipaéhan ku hiji pulisi nu ngaranna Mujitaba. Kajadian éta dilakukeun di basisir MaukTangerang. Nu maéhan dihukum 15 taun panjara. Tapi di jero pangadilan henteu kaungkab saha anu ngajurung Mujitaba.
Prijatna Abdurrasyid anu jadi jaksa dina sidang éta ménta tambahan waktu pikeun ngungkab dalang di balik kajadian éta. Tapi bongbolonganana teu kakabul, ku kituna ngan palaku lapang anu tertangkap sarta dihukum, tapi dalangna teu kapanggih. Pikeun ngahormatan jasana, Pamaréntah Jawa Kulon ngawangun hiji taman astana pahlawan di Taman Keusik, Lémbang. Dina batu nisanna ditulisan Otoiskandardinata, Gumelar 31-3-1897, pupus 19-12-1945. Sabenerna, teu aya jasad Oto, teu aya jenasah Oto Iskandar di Nata di dinya téh. Anu aya ngan sagonjokan keusik ti basisir Mauk, kabungkus ku lawon bodas.
Lalaki langit lalanang jagat ceuk babasaan téa mah pipanteseun nyebut ka dirina téh. Malah dina masa bajuang harita, Oto meunang jujuluk si Jalak Harupat. Kiwari éta jujuluk téh dipaké ngaran stadion mén bal Kabupatén Bandung. Sugan waé ku dipakéna éta ngaran, atlit anu tendang makalangan di éta stadion, pangpangna atlit Jawa Kulon téh lébér wawanén jeung gesit dina nyinghareupan lawan-lawanna, teu ngéplék jawér miyuni hayam kabiri, tapi jagjag waringkas tur sportif.[1] Sumber wikipedia basa sunda

"DEWI SARTIKA PAHLAWAN SUNDA" 
IBU Dewi Sartika dilahirkeurnana tanggal 4 Desember 1884 di kota Bandung.Ibuna Nyiraden Radjapermas, ari ramana Raden Somanagara, Patih Bandung duanana turunan para bupati anu tedak-tumedak ti jaman Dipati Ukur keneh nepi ka perang dunya kadua.

Ibu Dewi Sartika katelahna ku jalma rea mah Agan Dewi. Agan teh sesebutan ka wargi-wargi dalem anu landes boh prya boh wanita,ari putra-putra dalem disebutna mun priya aom,mun wanita juag. 

Dina ka tompernakeun abad ka-19 wanita Sunda masih dikungkung ku adat istiadat kuna anu turun-tumurun ti jaman ka jaman. 

Wanita harita taya deui ancoanana ngan pikeun jadi „patih goah", tegesna ngurus dahareun jeung sumujud ka salaki, supaya runtut-raut lambat-lambut nya laki rabi. 

Rupa-rupa elmu jeung kapinteran,saperti maca,nulis,ngitung jsb. pikeun awewe mah basana teu perlu, da moal jadi juru tulis. 

Sanajan harita di ungga1-unggal dayeuh geus aya sakola kabupaten hiji,tapi muridna lalaki wungkul,da awewe mah teu meunang loba codeka cenah. Ngan ngaji anu dimeunangkeun teh,kitu oge nu ngaraji teh ngan anak menak atawa nu beunghar sarta ngajina di saimahna-saimahna diadon ku guru ngaji. 

Sapoe-poe teh barudak awewe nu geus rada gede kudu nguprek di imah bae,sagawe-gawe nu sakira perlu pibaringeun. Ana rajeun indit-inditan,lamun dibawa ku kolotna. Cacampuran jeung pamuda babadanana dianggap kalakuan nu goreng kabina-bina. 

Upama nindak kana rumaja putri,komo lamun geus rek dikawinkeun mah, parawan-parawan kudu bae dipingit,teu meunang bijil ka buruan-buruan acan. Kitu biasana di kota. Ari di pasisian,lantaran kaayaan hirup kumbuh beda deui, arang-arang aya nu dipingit teh,ngan cacampuran,sumawonna sakola mah teu meunang. 

Upama aya wanita nu bisa maca nulis teh alam harita mah kacida anehna,teu beda jeung budak ngora buta huruf dina jaman ayeuna. Ari nu sok aya wanita bisa maca,nulis ngan di bangsa menak,tapi lain diajar di sakola,diajar di imah da bisi guyur salelembur ear sajajagat,ari sakola mah.
saterusna: http://blogketinggalanzaman.blogspot.co.id/2013/10/biografibahasasundadewisartikapahlawansundabagian2.html