Basa Kosta

Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda, kecap kosta teh asalna tina basa Sansekerta, anu hartina asing. Jadi basa kosta teh hartina basa asing.

1. Nu asalna tina basa Arab
abad abad
abadi abadiyy
abdi 'abd
akad 'aqd
elmu 'ilm
hatam khatam
kaom qaum
kupur kufr
mayit mayyit
napas nafs
2. Nu asalna tina basa Portugis
bandera bandeira
bangku banco
boneka boneca
garpuh garfo
kameja camisa
lantera lanterna
lomari armario
3. Nu asalna tina basa Walanda
alpuket advocaat
bak bak
bang bank
beker wekker
buku boek
erloji harloge
kantor kantoor
lampu lamp
4.Nu asalna tina basa Sansekerta
atma roh, lelembutan
banda kaboga
bayu angin
buana lemah maneuh, daratan lega
budi akal, pikiran
candra bulan
jagat dunya
kusumah kembang
5. Nu asalna tina basa Kawi
angkara napsu
daya tanaga
dipa obor,panonpoe
eka hiji
jomantara awang-awang
juita putri
katon katenjo
sunu/siwi anak
6. Nu asalna tina basa Jawa
bayu angin
geni seuneu
giri gunung
parek deukeut
saka tihang
weruh nyaho

Dicutat tina buku: Rachmat Taufiq Hidayat, s.p.k.2007.Peperenian Urang Sunda.Bandung:Kiblat.