NOVEL

Novel munggaran dina kasustraan sunda nyaéta Baruang ka nu Ngarora karangan D.K (Daéng Kanduruan) Ardiwinata . Ieu novel teh medal dina taun 1914.

Mun dibandingkeung jeung novel dina sastra Indonesia, tétéla novel dina sastra Sunda leuwih ti heula. Buktina novel munggaran dina sastra Indonesia nyaéta Azab jeung Sangsara karangan Merari Siregar medal dina taun 1920, genep taun sapandeurieun medalna Baruang ka nu Ngarora.
Penerbit anu medalkeun novel-novel Sunda nyaeta Balé Pustaka. Salian ti Balé Pustaka masih aya sababaraha penerbit partikulir anu sok medalkeun novel-novel Sunda. Upamana wae penerbit Dahlan Bektie jeung Kusradie. Pangarang anu novel-novelna mindeng diterbitkeun ku penerbit partikulir dina taun 1930-an nyaéta Yuhana.
Para pangarang novel Sunda dina entragan taun 1920-an nepi ka taun 1940-an diantarana wae D.K. Ardiwinata, R. Memed Sastrahadiprawira. Mohamad Ambri, Margasulaksana, Sambbas, Susangka,jeung nu sejenna.
Sanggeus dina sastra Sunda aya majalah jeung surat kabar, novel-novel Sunda téh loba anu dipidangkeun mangrupa carita nyambung. Nepi ka kiwari geus ratusan novel Sunda anu terbit mangrupa buku. Diantarana waé Mantri Jero jeung Pangeran Kornel karangan R. Memed Sastrahadiprawira. Lain eta, Numbuk di Sue, Ngawadalakeun Nyawa, Budak Siluman jeung Pependeuman Nabi Sulaiman (sadura) karangan Mohamad Ambri, jeung réa-réa deui.